WordPress.org https://su.wordpress.org Wed, 28 Jul 2010 08:45:12 +0000 su-ID hourly 1 https://wordpress.org/?v=5.9-alpha-51928 WordPress 3.0 Thelonious https://su.wordpress.org/2010/07/28/wordpress-3-0-thelonious/ https://su.wordpress.org/2010/07/28/wordpress-3-0-thelonious/#comments Wed, 28 Jul 2010 08:44:12 +0000 http://su.wordpress.org/?p=97 Najan leuir naker, WordPress versi 3.0 basa Sunda bisa dirilis (core-na dirilis Juni 2010). Kiwari, anjeun bisa otomatis ngaronjatkeun kana ieu versi ngaliwatan pidangan Pakakas => Ronjatkeun, atawa klik link tuduh jalan dina papan uar kasadiaan anu aya di luhur layar. Anjeun oge bisa ngunduh gembolanana pikeun dipasang manual, utamana pikeun anu masang mimiti atawa anu ngaronjatkeun tina versi samemeh 2.7.

Fitur utama anu aya dina ieu versi di antarana:

  • Tema baku anyar, Twenty Ten, anu nyartakeun rarangken-rarangken latar kustom, header kustom, panumbu kustom, pidangan kustom, jsb.
  • Merge MU reujeung WordPress, utamana ditujukeun pikeun para pamekar sarta admin raramat, anu ngamungkinkeun ngadegkeun sababaraha blog atawa situs dina hiji instalasi WordPress.
  • Interpes anu leuwih hampang.
  • Pitulung kontekstual, bisa dibuka ngaliwatan tab Pitulung anu aya di luhur unggal layar admin, mieusi dadaran singget, pituduh, link-link dokumentasi, luyu jeung layar anu disinghareupan, geusan ngabantu dina pamakean WordPress.
  • 1.217 bug dibenerkeun sarta fitur-fiturna ditingkatkeun.
  • Kamampuh ronjatan masal, anu ngamungkinkeun ngiwarikeun sababara plugin sakali klik.

Lengkepna, bisa diilo di kaca kodek.

https://videopress.com/v/wp-content/plugins/video/flvplayer.swf?ver=1.21

]]>
https://su.wordpress.org/2010/07/28/wordpress-3-0-thelonious/feed/ 1
WordPress, Pinunjul Kahiji Overall Best Open Source CMS https://su.wordpress.org/2009/11/20/wordpress-pinunjul-kahiji-overall-best-open-source-cms/ https://su.wordpress.org/2009/11/20/wordpress-pinunjul-kahiji-overall-best-open-source-cms/#comments Fri, 20 Nov 2009 02:27:16 +0000 http://su.wordpress.org/?p=93 Kacida matak reueusna, taun 2009 ieu WordPress meunang pangajén kahiji dina widang Overall Best Open Source CMS ti Open Source CMS Award. Lain panghargaan samanéa! Open Source CMS Award anu maneuh diayakeun unggal taun, kiwari narima leuwih ti 12.000 nominasi tur diiluan ku leuwih ti 23.000 pangajén (pamilon sora).

Simkuring bagja geusan nguarkeun wiréh WordPress parantos ngaraéh Overall Best Open Source CMS Award dina kontés Open Source CMS Award taun 2009. WordPress ngaraéh ieu panghargaan pikeun munggaran kalina salebet opat warsih katompérnakeun, kalayan nempatkeun inyana dina widang Hall of Fame kanggo panghargaan taun payun.

Pikeun WordPress, ieu pangajén téh mangrupa anu mimiti. Tangtuna jadi hiji kareueus pikeun para pamekar jeung pamaké mah. Ieu ogé geus ngébréhkeun ayana parobahan kamandang ti masarakat; tétéla WordPress téh henteu saukur dianggap mangrupa piranti lemes ngablog, tapi ogé mangrupa hiji Open Source winangun Content Management System anu sampurna (full-featured CMS).

Lianti ngaraéh pangajén kahiji widang Overall Best Open Source CMS, WordPress ogé meunang panghargaan kadua dina widang Best Open Source PHP CMS sanggeus Drupal tur saméméh Joomla!. Hal ieu tangtu kacida géde hartina jeung matak reueus naker binti kacida pisan, lantaran taun kamari mah WordPress téh teu kaasup kana lima besar-lima besar acan. Anapon ayeuna, WordPress ujug-ujug nérékél bari sakaligus bisa ngadéséh Joomla! anu dina taun-taun katompérnakeun Joomla! téh salawasna nagen dina posisi tilu besar di sagédéngeun Drupal, tangtuna.

“Sakumna anggota komutitas WordPress, ti kawit girang pamekar tug dugi ka para panganggo munggaran, sawadina ngaraos reueus janten bagian tina ieu moméntum: wilujeng kanggo urang sadayana!”

]]>
https://su.wordpress.org/2009/11/20/wordpress-pinunjul-kahiji-overall-best-open-source-cms/feed/ 5
WordPress 2.8.6 https://su.wordpress.org/2009/11/17/wordpress-2-8-6/ https://su.wordpress.org/2009/11/17/wordpress-2-8-6/#respond Tue, 17 Nov 2009 22:20:49 +0000 http://su.wordpress.org/?p=90 Vérsi 2.8.6 ménerkeun dua pasualan kaamanan anu bisa diéksploitasi ku pamaké kadaftar anu keur asup log tur inyana mibanda wewenang pikeun ngirim tulisan. Lamun anjeun ngarasa cangcaya kana kajujuran panulis-panulis blog anjeun, ngaronjatkeun kana vérsi 2.8.6 kacida diperedihna.

Demi pasualan anu dimaksud, kahiji nyaéta ngeunaan vulnerabilitas XSS dina pakakas Sintreuk Ieu anu kapendak ku Benjamin Flesch. Kaduana, pasualan anu katimu ku Dawid Golunski, nyaéta ngeunaan sanitasi ngaran berkas unggahan anu bisa diéksploitasi dina konfigurasi Apache anu tangtu.

Sumangga Unduh WordPress 2.8.6.

]]>
https://su.wordpress.org/2009/11/17/wordpress-2-8-6/feed/ 0
WordPress 2.8.5, Nyampurnakeun Kaamanan https://su.wordpress.org/2009/10/21/wordpress-2-8-5-nyampurnakeun-kaamanan/ https://su.wordpress.org/2009/10/21/wordpress-2-8-5-nyampurnakeun-kaamanan/#comments Wed, 21 Oct 2009 18:29:25 +0000 http://su.wordpress.org/?p=88 Pada maphum, bulan-bulan katompérnakeun ieu, kuring saparakanca keur soson-soson migawé rarangkén-rarangkén anyar pikeun vérsi 2.9, sarta satékah polah keur nyieun tarékah sangkan WordPress salawasna mibanda kaamanan anu leuwih tohaga. Dina ieu proses, aya sawatara parobahan kaamanan penting anu geus kapigawé tur nurutkeun kuring saréréa kacida hadéna saupama dicumponkeun kana dahan vérsi 2.8.

Kiwarian penting dina ieu vérsi nyaéta:

  • Ngabebenah serangan Trackback Denial-of-Service anu dina waktu-waktu ieu mindeng katohyan.
  • Miceun aréa dina kodé, kodé php dina variabel dibebenah deui.
  • Mutihkeun kamampuh pangunggah berkas pikeun sakabéh pamaké, kaasup pikeun Admin.
  • Ngécagkeun atawa mangsiunkeun dua pangimpor data Tag tina plugin heubeul.

Kuring saparakanca nyarankeun sangkan sakur situs dikiwarikeun kana ieu vérsi geusan mastikeun jaminan kaamanan anu leuwih hadé.

Bisi aya kahariwang situs anjeun geus katépaan ku serangan-serangan anu kiwari keur maceuh-maceuhna nyaliara, tur anjeun aya maksud geusan meresihan tapak-tapakna, kuring nyarankeun sangkan anjeun ngagunakeun Panyungsi Eksploitasi WordPress. Ieu plugin baris ngaroris tur maluruh sakur perkara anu nyurigakeun dina berkas-berkas situs jeung tabel-tabel tulisan sarta pairan databés anjeun. Ieu plugin ogé mariksa ngaran-ngaran berkas plugin boh bisi aya anu teu ilahar, sabangsaning cakcak bodas jeung taleus ateul.

Mamanawian aya maksad ngilo plugin anu kasebat, sumangga tuturkeun ieu panuduh jalan, jung!

]]>
https://su.wordpress.org/2009/10/21/wordpress-2-8-5-nyampurnakeun-kaamanan/feed/ 1
WordPress 2.8.2 https://su.wordpress.org/2009/07/22/wordpress-282/ https://su.wordpress.org/2009/07/22/wordpress-282/#comments Wed, 22 Jul 2009 09:50:16 +0000 http://su.wordpress.org/?p=85 WordPress 2.8.2 ngalereskeun vulnerabilitas XSS (babari kakeunaan panyakit -naon ongkoh basa Sundana?). URL juru kintun pairan henteu leres-leres walagri nalika dipintonkeun dina kaca admin. Ieu hal tiasa nerekab, éh, maksad téh népaan, geusan nungtun Sadérék ngajak kaluar tina kaca admin kana situs sanés. Sumangga unjal vérsi 2.8.2 atanapi ronjatkeun otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas dina kaca admin WordPress Sadérék!

]]>
https://su.wordpress.org/2009/07/22/wordpress-282/feed/ 2
WordPress 2.8.1 https://su.wordpress.org/2009/07/12/wordpress-281/ https://su.wordpress.org/2009/07/12/wordpress-281/#comments Sun, 12 Jul 2009 01:33:31 +0000 http://su.wordpress.org/?p=82 WordPress 2.8.1 ngabebenah loba hama sarta mageuhan tulak kaamanan pikeun kaca admin plugin. Talatah ti Core Serurity Technologies yén kaca admin anu ditambahkeun ku sawatara plugin téh bisa ditoong ku pamaké deungeun anu ngalantarankeun informasina bisa dirogahala. Mémang henteu sakumna plugin kakeunaan ku ieu panyakit. Pon kitu, pikeun kapentingan kaamanan, kuring saparakanca nyarankeun sangkan anjeun ngaronjatkeun kana 2.8.1.

Sakumna parobahan atawa ronjatan dina ieu vérsi bisa diilo di track WordPress.org.

]]>
https://su.wordpress.org/2009/07/12/wordpress-281/feed/ 1
WordPress 2.8 https://su.wordpress.org/2009/06/12/wordpress-28/ https://su.wordpress.org/2009/06/12/wordpress-28/#comments Fri, 12 Jun 2009 23:58:02 +0000 http://su.wordpress.org/?p=79 “WordPress 2.8 parantos sayogi! Sumangga kiwarikeun ayeuna.” Upami Sadérék nangenan éta pesen singget di luhur kaca admin WordPress Sadérék, sok padahal Sadérék parantos ngaronjatkeun kalayan otomatis tina vérsi sateuacanna, hartosna Sadérék ngaronjatkeunnana sasarengan reujeung waktosna rilisan awal ieu vérsi. Éta pesen baris ilang saupami Sadérék ngaronjatkeun ulang sacara otomatis nganggo beundeulan rilisan anu ayeuna. Ieu vérsi lokal mémang ngahaja dibeundeul deui lantaran aya sakedik kahéngkéran dina sistem raramat lokal.

Naon anu énggal dina WordPress 2.8? Nu utamina mah nyaéta ronjatan dina mesinna anu kiwari mah langkung gancang; aya parobihan dina styling sareng scriptingna, disagédéngeun kamekaran dina téma sareng wijét. Ngalangkungan WordPress 2.8, kiwari mah téma-téma di Diréktori Téma WordPress.org téh tiasa langsung disungsi, dipaluruh, tur diinstalkeun kalayan otomatis tina kaca admin WordPress Sadérék, teu benten sareng plugin sapertos anu parantos dirarancang dina vérsi 2.7. Kalihna ti éta, ieu vérsi ogé ngadamel parobihan dina widang admin wijét anu langkung fléksibel tur ngagampilkeun.

Kanggo langkung jéntréna ngeunaan sakumna rarangkén, parobihan, kalih ronjatan-ronjatan énggal dina ieu vérsi tiasa diuningaan di kodék WordPress.org.

WordPress 2.8 dinamian “Baker” minangka pangajen sareng pangemut-ngemut kanggo vokalis Chet Baker. Sanggem Matt téa mah, ieu téh mangrupi “the latest and greatest version of WordPress”.

]]>
https://su.wordpress.org/2009/06/12/wordpress-28/feed/ 1
Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé https://su.wordpress.org/2009/02/19/pamaluruhan-direktori-plugin-nu-mingkin-hade/ https://su.wordpress.org/2009/02/19/pamaluruhan-direktori-plugin-nu-mingkin-hade/#comments Thu, 19 Feb 2009 09:52:54 +0000 http://su.wordpress.org/?p=73 Mdawafe, tanggal 19 Pebruari ieu, geus nguarkeun di blog WordPress.org ngeunaan pamaluruhan Diréktori Plugin nu anyar jeung ngaronjat. Salahsahiji pasualan tumali jeung pamaluruhan diréktori plugin nyaéta ngeunaan hasil pamaluruhanna nu kurang nyugemakeun atawa, ceuk basa nu nulis blog mah, pikagetireun jeung pikasebeleun. Tapi, kiwari mah ieu hal téh henteu tumiba deui.

Kiwari WordPress geus ngagunakeun Sphinx, salahsahiji mesin pamaluruh SQL full-text winangun free open-source, pikeun ngundeur hasil pamaluruhan plugin boh di Diréktori Plugin boh dina kaca admin anjeun ngaliwatan pidangan Plugin => Tambahan. Danget ieu, pamaluruhan ngaindéksu ngaran plugin jeung pertélaan/instalasi/FAQ/jsb. tina berkas readmi.txt-na tur baris diindéksu ogé ngaran panulisna katut tag-tagna.

Plugin-plugin di Diréktori Plugin téh mémang kacida ceuyahna. Kiwari baé geus leuwih ti 4.000 nu sadia tur dipelakkeun kana instalasi WordPress vérsi 2.7 jeung saluhureunna. Unggal pamaké WordPress, rata-rata masangkeun plugin dina situsna téh tepi ka lima-na. Tangtu pangajén gedé pikeun singsaha waé anu resep jeung leukeun nulisan katut ngiwarikeun plugin-plugin, lantaran geus kacida ngabantuna pikeun para pamaké WordPress.

Sawatara waktu ka tukang, tanggal 28 Januari geus diproklamirkeun ku Matt, salaku girang utama pamekar WordPress.org, mangrupa “Poé Pangnuhun pikeun Pamekar Plugin”. Itung-itung pangajén ti para pamaké, kacida hadéna saupama urang nepungan para panulis plugin sakalian bari silaturrahim ucap balaka geusan ngahaturkeun laksaketik pangnuhun ka aranjeunna. Atawa, anu leuwih alus mah, ilikan alamat Paypal-na laju gura-giru méré donasi! 🙂

Ku dipelakkeunna plugin kana kaca admin situs dina WordPress vérsi 2.7 ka luhur, dihenteu-henteu ogé geus ngabantu leuwih atawa nggampangkeun para pamaké dina meunangkeun tur nginstalkeun plugin nu mangpaat jeung dipikaresep. Pamaluruhan maké térma-térma nu tangtu, sakalian jeung nginstalkeunnana, bisa langsung dilakukeun tina pidangan Plugin => Tambahan. Hal sarupa ogé baris tumerap kana Diréktori Téma anu, nurutkeun basa Sunda wewengkon pakaléran téa mah, engkin mah bisa dipaluruh tur diinstal langsung tina pidangan Téma => Tambahan.

WordPress, teu aya kendatna ngaronjat!

]]>
https://su.wordpress.org/2009/02/19/pamaluruhan-direktori-plugin-nu-mingkin-hade/feed/ 1
WordPress 2.7.1 https://su.wordpress.org/2009/02/12/wordpress-271/ https://su.wordpress.org/2009/02/12/wordpress-271/#comments Thu, 12 Feb 2009 05:23:36 +0000 http://su.wordpress.org/?p=69 WordPress 2.7.1, minangka rilisan pamulasaraan munggaran WordPress versi 2.7, parantos sayogi. Anjeun tiasa ngiwarikeun instalan WordPress anjeun sacara otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas > Ronjatkeun dina kaca admin, atanapi unjal langsung epakanana lajeng instalkeun sacara manual.

Kanggo ningal naon waé anu parantos dilereskeun dina ieu vérsi, tiasa diparios dina daptaran list of fixed tickets, seueurna aya 68 tiket, atanapi tingal daptaran parobihan kumplitna ti WordPress 2.7 ka 2.7.1. Naha basa Sunda janten lemes?

]]>
https://su.wordpress.org/2009/02/12/wordpress-271/feed/ 1
Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda https://su.wordpress.org/2008/12/11/ngararancang-wordpress-make-aksara-sunda/ https://su.wordpress.org/2008/12/11/ngararancang-wordpress-make-aksara-sunda/#comments Thu, 11 Dec 2008 11:15:42 +0000 http://su.wordpress.org/?p=67 Bulan Juni 2005, Informasi ngeunaan aksara Sunda baku diuarkeun di milis KUSnét (Komunitas Urang Sunda di Internét). Kang Dian Tresna Nugraha ngawanohkeun fonta aksara Sunda maké sét karakter ISO-8859-1 Latin-1. Bulan Juli 2005, fonta aksara Sunda dipidangkeun dina Konférénsi Basa Sunda VIII di Subang, Jawa Barat, ku M. Sasmita. Bulan Januari 2006, Kang Dian ngayakeun koréspondénsi jeung M. Everson, salah saurang anggota Konsorsium Unicode. Bulan Juni 2006, M. Everson ngasupkeun proposal slot aksara Sunda ka Unicode. Bulan Agustus 2007, aksara Sunda napak dina tahap VI standardisasi Unicode sarta asup naskah publikasi ISO/UTC dina taun 2008. Bulan April 2008, aksara Sunda resmi asup Unicode anu range-na nyaéta U+1B80 – U+1BBF.

Bulan Méi 2008, diayakeun seminar Standardisasi Aksara Sunda pikeun Unicode di Universitas Padjadjaran anu ngahasilkeun sawatara rékoméndasi tumali jeung pamakéan aksara Sunda, kaasup ngabebenah aksara Sunda anu geus kadaptar di Unicode. Bulan Oktober 2008, Unicode Aksara Sunda digerlarkeun di Bandung, kalawan dieusi ku gelaring buku Direktori Aksara Sunda untuk Unicode, gelaring fonta jeung aplikasi aksara Sunda, sarta papasrahan dokumén Unicode ti Konsorsium Unicode ka pamaréntah provinsi Jawa Barat.

Dumasar éta kasangtukang, ku geus resmina aksara Sunda asup Unicode, kiwari mah aksara Sunda téh geus bisa dilarapkeun kalawan sampurna dina sistem komputer jeung raramatloka. Reregedna moal pati gedé, béda jeung saacana asup ka Unicode, lantaran ari Unicode mah mangrupa hiji standar anu diaku sacara internasional. Ku ayana Unicode, sistem komputer jeung industri anu sabangsana bisa digawé kalawan silih hubung dina hal nuliskeun aksara tanpa kudu kahalangan ku pédah rupa-rupana wanda sistem oprasi atawa aplikasi komputer. Naon baé platforma, program, sarta basa nu digunakeun ku hiji komputer, baris bisa kacumponan ku ayana ieu Unicode. Tangtuna sanggeus éta sistemna karojong ku versi Unicodé nu dipaké.

WordPress, nu mangrupa Open Source piranti ngeblog dina raramatloka, kaasup salahsahiji platforma anu bisa nyumponan aksara Sunda geusan dipaké dina sistemna. WordPress téh memang fléksibel; bisa diuma-omé tur diluyukeun kuma karesep pamakéna. Najan Standar Unicode vérsi kiwari (5.1) can tangtu kadukung ku sakabéh panyaba internét nu ayeuna loba dipaké, Dadan Nasrullah mah geus lah-lahan nyoba-nyoba ngalarapkeun Unicode aksara Sunda, najan bari nungtutan, dina situsna minangka tarékah ancang-ancangna geusan ngadeudeulkeun aksara Sunda dina raramatloka anu digenerasi ku WordPress.

Mun anjeun pamaké WordPress.org nu kataji ku ieu hal, itung-itung ngagunakeun waktu dina mangsa nungguan pausahaan-pausahaan komputer nyumponkeun ieu vérsi Unicode, hadé pisan mun dimimitian heula ku mikawanoh naon sarta kumaha satemena ari Unicode aksara Sunda téh. Sumangga jugjugan baé ieu panumbu ramatloka. Sawatara aplikasi nu geus diciptakeun tumali pamakéan aksara Sunda dina komputer bisa anjeun unjal tina éta raramatloka.

Tulisan Kang Dadan Sutisna, salahsaurang anggota Tim Unikode Aksara Sunda, bisa dipaké cecekelan munggaran pikeun anjeun. Mun anjeun pamaké komputer nu resep uprak-oprék dina sistem Unix, tulisan Kang Jay dina basa Indonésia, Sundanese Phonetic Input Method, bisa dijadikeun référénsi penting. Kang Jay ku anjeun maparin pituduh awal dina cara maca jeung nulis aksara Sunda, hususna pikeun anu tacan mikawanohna.

Tug tepika tulisan ieu dipedalkeun, WordPress Sunda mémang masih ngagunakeun aksara Latén. Aya kamungkinan keur ka hareupna mah WordPress.org téh ngarilis dua vérsi lokal basa Sunda; maké aksara Latén jeung maké aksara Sunda. Aksara Latén tangtuna moal dileungitkeun, sabab ieu geus jadi salahsahiji pakakas urang Sunda dina ngeblog, lianti ngagunakeun aksara Pégon (Arab) atawa malah Cacarakan anu mangrupa vérsi ropéaan tina Carakan, aksara Jawa.

Sok sanajan kiwari WordPress Sunda henteu ngagunakeun aksara Sunda, tapi lantaran fléksibilitasna téa, anu lokalisasina sorangan ngagunakeun téhnologi GETTEXED, anjeun ogé mibanda lolongkrang gedé geusan ngaganti aksara tarjamahanna anu dina unggal rilisana ogé berkasna sok diilukeun dina map wp-content/languages sajeroeun gémbolanana.

Anjeun perlu fonta Unicode aksara Sunda ayeuna-ayeuna pikeun maca tulisan di WordPress? Mangga tepungan panumbu-panumbu di luhur!

]]>
https://su.wordpress.org/2008/12/11/ngararancang-wordpress-make-aksara-sunda/feed/ 11